Minggu, 18 Oktober 2009

• Asmarandana ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, jeung nyaah.
Conto tembang
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan


• Balakbak ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
Conto tembang
Aya warung sisi jalan rame pisan; citameng
Awewena luas luis geulis pisan; ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet; nyanggereng
Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

Tidak ada komentar: